Tuesday, August 18, 2020

Maham Wanda Sajak

Maham Wanda Sajak
Kang Aris
Tuesday, August 18, 2020

Maham Wanda Sajak


1. Sajak Lirik
Sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa ngébréhkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur sipatna leuwih subjéktip. Dina sajak lirik panyajak henteu ngadongéng atawa nyaritakeun, tapi ngébréhkeun sakur anu kapikir jeung karasa waktu
harita. Sajak lirik ogé eusina mudalkeun rasaning ati, bingbang rasa jeung pikiran. Contona : Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata.

2. Sajak Épik
Sajak epik nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, sarta biasana eusina téh ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina jeung legenda, kapercayaan, boh anu aya patalina jeung sajarah. Wangun sajak épik bisa digolongkeun deui
jadi sababaraha golongan, di antarana: epos, fabel, jeung balada.
Anu bakal dipedar nya éta sajak balada. Naon ari Sajak balada téh? Sajak balada nya éta anu eusina. nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma anu gagah, jadi tokoh pujaan, jalma atawa tokoh anu legendaries boh jaman baheula boh jaman ka béhdieunakeun, atawa jalma anu jadi pusat perhatian. conto sajak balada di handap nu judulna Di Panugaran Batu Curug Sigay karya Agus Suriamiharja!

Mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi
Deklamasi kaasup kana kagiatan seni, nya éta seni ngébréhkeun atawa ngaéksprésikeun hiji sajak ka paregep nu dibarengan ku gerak, pasemon, jeung sajabana. Nu dimaksud gerak di dieu nya éta obahna awak, leungeun, atawa anggota badan nu wajar minangka ngébréhkeun suasana eusi sajak anu didéklamasikeun. Jalma anu ngalakukeun déklamasi disebutna deklamator. Tujuan deklamasi nya éta pikeun nepikeun buah pikiran, maksud, atawa amanat nu aya dina hiji sajak, sangkan ajén-inajén
kaéndahan katarima ku nu ngaregepkeun.
Teu sakabéh sajak bisa didéklamasikeun. Ku sabab kitu saméméh ngadéklamasikeun sajak, urang kudu neuleuman eusi sajak sangkan kaharti. Lamun geus kaharti kari mikirkeun kumaha  gadéklamasikeunana. Sangkan urang parigel ngadékmasikeun sajak, urang kudu loba latihan. Sakabéh jalma bisa ngadéklamasikeun sajak, asal apal ngeunaan cara jeung tujuanana.

Ngarang Sajak
Léngkah-léngkah nu kudu dipilampah nalika rék ngarang sajak, di antarana bisa dititénan dina péréléan ieu di handap.

1. Nangtukeun téma. Naha rék téma alam, téma cinta, téma kaagamaan, atawa téma diajar.
2. Tina téma nu geus ditangtukeun, terus tangtukeun rasa atawa suasanana. Téma cinta upamana, naha rék cinta nu pikabungaheun atawa cinta nu pikasediheun. Cinta nu pikabungaheun upamana keur kasamaran atawa rék jadian, sedengkeun cinta nu pikasediheun upama keur pepegatan atawa pipisahan.
3. Gunakeun imaji, naha rék dumasar kana paningal, pangdéngé atawa pangrasa. Dina sajak  Priangan” ungkara basa /bulan ngempur/. Éta téh dumasar kana paningal, sabab “Cahaya anu moncorong” ukur bisa kanyahoan upamana ditingali, lain didéngékeun.
4. Gunakeun simbul atawa perlambang Dina sajak “Cadas Pangéran” di luhur aya ungkara
basa /Kekerot Daendels nyabak gobang/. Éta téh ngalambangkeun hiji kaayaan jalma nu keur ambek.
5. Léngkah saterusna nyaéta ngarakit kecap. Kecap kudu dipilih sangkan éndah dibacana, nyaéta
miboga wirahma (irama), murwakanti (rima), jeung ngandung gaya basa.

Lima léngkah di luhur téh kaasup ogé kana unsur pangaweruh sajak, nyaéta téma, suasana, imaji, simbul, atawa perlambang, wirahma jeung purwakanti, sarta gaya basa.
Close Comments