Saturday, July 18, 2020

KAWIH

KAWIH
Kang Aris
Saturday, July 18, 2020

KAWIH


Saha  di  antara  hidep  nu  can  kungsi  ngaregepkeun  kawih? Saréréa gé tangtu kungsi ngaregepkeun kawih. Ngaregepkeun kawih kaasup kana ngaregepkeun kalangenan atawa hiburan. Biasana nu ngaregepkeun ngarasa kahibur. Teu mustahil nu nalangsa gé jadi  bungah,  atawa  sabalikna,  sanggeus  ngaregepkeun  kawih  jadi  sedih jeung  nalangsa,  sabab  eusi  rumpaka  kawih  ngingetkeun  deui  ka  éta paregep kana pangalaman dirina nu geus kaliwat. 
Cing,  kumaha  karasana  ku  urang  mun  geus  ngaregepkeun  kawih? Tangtu  waé  teu  sarua,  sabab  wanda  kawih  anu  diregepkeunana  bakal mangaruhan  kana  suasana  paregepna,  pangpangna  mah  kasang  tukang jeung pangalamanana. Jalma nu paséhat basa Sunda bakal babari nyangkem rumpaka kawih Sunda. Kitu ogé jalma nu mindeng ngaregepkeun atawa maca rumpaka kawih bakal babari nyangkemna. 
Basa di SMP/MTS hidep ogé kungsi narima pangajaran ngeunaan kawih. Tah, ayeuna hayu urang neuleuman deui eusi rumpaka kawih. Ngan bisi hidep poho deui, urang pedar heula ngeunaan kawih.
Naon ari kawih? Kecap kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina  sa’ir  (kavya  –  bujangga).  Kawih  nya  éta  rakitan  basa  anu  ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha  ilaharna  lagu,  kawih  kabeungkeut  ku  wiletan  jeung  témpo atawa  ketukan.  Nu  matak  kawih  sok  disebut  ogé  lagu-lagu  nu  kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar. 
Kawih  mah  béda  jeung  pupuh.  Kawih  teu  kauger  ku  rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh.  
Rumpaka  kawih  téh  eusina  pinuh  ku  ajén  atikan.    Ari  rumpakan kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna. Ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras. Unsur-unsur nu aya dina kawih teu béda jeung unsur-unsur nu aya dina puisi atawa sajak, nya éta ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat. Kawih   salah   sahiji   kasenian   (seni   sora)   titinggal   karuhun   nu diwariskeun  sacara  turun-tumurun.    
Kawih  kaasup  kasenian  anu  kahot sarta dikatégorikeun minangka cikal bakal seni sora nu aya di masarakat Sunda. 
Nilik  kana  sajarahna,  kawih  dibagi  jadi  tilu  kurun  waktu,  nya  éta: (1) Kawih buhun atawa tradisional.  Buhun hartina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu saacan  jaman  Jepang  nepi  ka  Jaman  Jepang.  Lagu  anu  kaasup  kawih buhun di antarana lagu  “Banjar Sinom”, jeung sajabana. (2) Kawih Jaman Jepang  dimimitian  kira-kira  Jepang  datang  ka  Indonesia  dina  taun  50-an.  Sababaraha  kawih  anu  aya  dina  Jaman  Jepang  di  antarana  lagu  “És Lilin”,  “Balon  Ngapung”,  “Géhgér  Soré”,”Bandowati”,  jeung  sajabana. (3)  Kawih  wanda  anyar  atawa  kawih  alam  kiwari  nya  éta  kawih  jaman ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka  kiwari.  Kawih  wanda  anyar  di  antarana  “Anggrék  Japati”,  “Cinta Nusa”,  Baju  Héjo”,”Angin  Priangan”,  “Hujan  Munggaran,  jsb.,  kaasup kawih-kawih anu dikolaborasikeun.

Conto Rumpaka Kawih 
Ieu di handap aya rumpaka kawih anu judulna ngeunaan kadaharan. 
(Rumpaka kawih 1)

És Lilin 

És lilin mah (dunungan) kalapa muda
dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh henteu ngajadi

És lilin mah ... didorong dorong
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

És lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan 
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoreng mah aduh geuning jungjunan
Komentar
Close Comments