Sunday, July 26, 2020

Carita Wawacan Panji Wulung

Carita Wawacan Panji Wulung
Kang Aris
Sunday, July 26, 2020

Carita Wawacan Panji Wulung


Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. 

Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan dipaéhan mah, Tunjungsari téh kalah tuluy disingkurkeun ka hiji lembur, sarta nitah Panolih sangkan indit jauh kaluar ti wewengkon Sokadana. Patih mulang deui ka nagara bari mawa daun ceuli nu dikeureut ku manéhna tina mayit tahanan dipanjara keur bukti. Raja percayaeun yén éta téh ceuli Tunjungsari sarta yakin selirna geus ditelasan.

Tunjungsari ngalahirkeun budak lalaki anu dingaranan Panji Wulung. Raja mah teu apaleun, tapi Patih kacida nyaaheunana ka éta putra raja. Sanggeus gedé éta budak dididik kana kakuatan ku cara ngangkat timah jeung beusi anu saban poé beuratna ditambah. Lian ti éta didik kasopanan jeung kawani, sarta disina ulah percaya kana kakuatan gaib ti Ajar atawa kana hal anu teu asup akal. Umur 14 taun, Panji Wulung dititah ngumbara dibarengan ku dua pangiringna anu ngaran Janggala jeung Janggali.

Dina lalampahanana Panji Wulung bisa ngéléhkeun sato galak jeung bégal. Ti dinya Panji Wulung milari Ajar Guna Wisésa. Naon-naon anu diajarkeun ku Guna Wisésa téh ku Panji Wulung dianggap bohong. Waktu dititah sina ngabuktikeun kasaktianana, ajar Guna Wisésa kalah malik ambek sarta malédog Panji Wulung ku batu. Panji Wulung asa dihina sarta newek ajar ku balati nepi ka maotna.
Panji Wulung jeung pangiringna tuluy ka laut rék néangan kapal pikeun ngumbara. Di perjalanan Janggala jeung Janggali nepikeun rusiah saha saenyana Panji Wulung. Panji Wulung manggihan kapal ti Patani nu rék balayar ka Keling. Di kapal manéhna tepung jeung Daéng Bramani ti Bugis nepi ka nyobatna, malah kungsi sataun babarengan di Patani.

Ti  dinya  Panjiwulung,  Bramani,  Janggala,  jeung  Janggali  balayar ka  Cempa  sarta  mukim  bari  tatanén  di  tempat  anu  nyingkur.  Sataun  ti harita, Panji Wulung bubujeng ka leuweung dibarengan ku tilu sobatna. Teu ku hanteu di leuweung maranéhna tepung jeung jalma goréng rupa tunggang  gajah  bari  nyulik  putri.  Panji  Wulung  nyalametkeun  éta  putri sarta  nelasan  nu  nyulikna. éta  putri  nerangkeun  asal-usulna.  Horéng anjeunna  téh  putri  ti  Nagara  Cempa,  jenenganana  Andayaningrat  anu diculik  ku  Mantri  Panglima,  nyaéta  tukang  miara  gajah  ramana.  Waktu ramana  teu  aya  di  karaton  lantaran  bubujeng  ka  leuweung,  éta  sarati  ti Bangali téh hianat ka raja bari nyulik putri.

Panji   Wulung   jeung  Andayaningrat   silih   pikacinta.   Maranéhna tuluy baralik ka lembur. Patani nu di lembur nepikeun béja yén raja geus ngémbarkeun saha-saha anu bisa manggihan putrina sarta dipulangkeun ka karaton bakal nampa hadiah satengah tina wewengkon nagara Cempa. Sanajan  patani  ngusulkeun  sangkan  putri  téh  gancang  dipulangkeun  ka karaton, tapi Panji Wulung bingbang.

Kacaturkeun  di  nagara  Cempa,  raja  kacida  susahna.  Keur  kitu  jol Andakasura   sarta   ngaku-ngaku   geus   maéhan   Mantri   Panglima   jeung gajahna,  sok  padahal  manéhna  ukur  manggihan  bangkéna  di  leuweung. Putri  mah  cenah  can  kapanggih.  Ari  Panji  Wulung  tetep  can  teteg  haté pikeun mulangkeun putri ka karaton. Manéhna nulis surat ka raja Cempa anu  dijajapkeun  ku  Bramani,  nerangkeun  yén  putri  geus  salamet.  Raja puguh baé bungah. Anjeunna sasayagian pikeun mapagkeun Panji Wulung jeung putrina. Ari Andakasura tuluy dibui lantaran kapanggih bohongna.

Aleutan nu rék mapag putri nepi ka lemburna Panji Wulung. Patih Cempa nyanggakeun surat ti raja keur Panji Wulung. Rombongan ti Cempa téh tuluy marulang deui ka karajaan bari ngiringkeun Panji Wulung jeung putri Andayaningrat. Sanepina ka karajaan putri ditepangkeun deui jeung sepuhna. Panji Wulung dijenengkeun pangéran sarta dibéré jujuluk Déwa Kusumah.  Kitu  deui  Bramani,  dibéré  jujuluk  Urawan.  Waktu  raja  rék nibanan  hukum  pati  ka  Andakasura  dihalang-halang  ku  Panji  Wulung sarta ménta Andakasura dibébaskeun.

Andakasura kabur ti Cempa sarta anjog ka Karajaan Gilingwesi. Raja Gilingwesi  dipapanas  sangkan  nyerang  nagara  Cempa  pikeun  ngarebut sarta  ngawin  putri  Andayaningrat  nu  kasohor  geulis  kawanti-wanti. Waktu Patih Gilingwesi ngawawadian sangkan raja ulah ngalajur napsu sarta ngabolaykeun niatna ngajorag nagara Cempa, éta patih ku raja kalah ditelasan. Pasukan Gilingwesi miang sarta hasil ngarebut palabuan.

Raja  Cempa  ngutus  Panji  Wulung  pikeun  nyanghareupan  pasukan Gilingwesi.  Panji  Wulung  jengkar  ti  karajaan  jeung  pasukanana  bari dijajap ku Andayaningrat nu manghariwangkeun. Perang rongkah antara pasukan Gilingwesi jeung pasukan Panji Wulung lumangsung di basisir. Dina  éta  pangperangan,  salah  saurang  prajurit  Gilingwesi  nepikeun niatna  hayang  males  pati  ka  raja  Gilingwesi  anu  geus  maténi  pamanna, Patih Gilingwesi, nepi ka malik merangan pasukan ti nagarana sorangan. Perang  ahirna  lekasan  kalawan  kaunggulan  ti  pihak  Panji  Wulung.  Sésa pasukan Gilingwesi digiring ka karaton Cempa.

Panji  Wulung  unjukan  ka  raja  Cempa,  yén  aya  di  antara  prajurit Gilingwesi  anu  baruntak  ka  rajana,  sarta  ngusulkeun  sangkan  Sudarma dijenengkeun  raja  Gilingwesi.  Tapi  raja  nyaur  yén  hadéna  Sudarma  téh dijenengkeun  Patih  Cempa  baé,  sarta  ngajenengkeun  Bramani  jadi  raja di  Gilingwesi.  Peutingna  diayakeun  pésta  sarta  Panji  Wulung  jeung Andayaningrat teu weléh suka ati sosonoan. Isukna Sudarma diistrénan jadi Patih Gilingwesi sarta dibéré jujuluk Suraludira. Ti dinya Suraludira ngulik bagbagan élmu kanagaraan, tur sanggeus dianggap cukup manéhna mulang deui ka Gilingwesi.

Nagara   Cempa   leuwih   maju.   Patani   jeung   istrina   anu   kungsi dicicingan  ku  Panji  Wulung  diondang  ka  karaton.  Dina  jero  haténa Panji  Wulung  ogé  teu  weléh  inget  ka  bapa  kukutna,  Patih  Sokadana.  Ti dinya Panji Wulung ngutus Janggala jeung Janggali nepikeun surat sarta ngabéjaan  Patih  Sokadana  yén  manéhna  geus  jadi  putra  mahkota  di Cempa. Panji Wulung ogé ngulem Patih Sokadana sangkan nganjang ka Cempa.

Kacaturkeun  di  Sokadana.  Patih  Sokadana  jeung  istrina  ogé  teu weléh ingeteun ka Panji Wulung. Majar aya béja yén Panji Wulung geus jadi  putra  mahkota.  Ku  kabeneran  jol  Janggala  jeung  Janggali  mawa surat jeung rupa-rupa hadiah ti Panji Wulung. Barang maca surat, Patih Sokadana,  istrina,  jeung  Tunjungsari  pohara  kagagasna.  Janggala  jeung Janggali ogé teu weléh-weléh nyaritakeun kaayaan jeung kajugalaan Panji Wulung di Cempa.

Waktu  Janggala  jeung  Janggali  rék  mulang  deui  ka  Cempa,  Patih Sokadana nulis surat keur ditepikeun ka Panji Wulung. Dina suratna patih nyaritakeun sakabéh rusiah kahirupan Panji Wulung sarta méré piwulang sangkan Panji Wulung ulah sombong, nyaah ka pamajikan, jeung bisa nahan hawa napsu. Dicaritakeun ogé perkara putra patih anu jenenganana Panji Pamekas nu kacida dipikanyaahna jeung dijenengkeun putra mahkota ku Raja Sokadana lantaran raja kaparengkeun teu boga rundayan.

Barang  surat  nepi  jeung  kabaca  ku  Panji  Wulung,  kacida  ngangres jeung kagagasna éta putra mahkota Cempa téh. Panji Wulung nyaluyuan Panji Pamékas jadi putra mahkota di Sokadana keur mulang tarima kana kahadéan Patih Sokadana. Teu lila ti harita Raja Cempa gering parna. Raja nepikeun wasiat yén Panji Wulung nu kudu ngaganti dirina jadi raja jeung sakabéh pangiringna kudu tumut. Sabada masrahkeun cingcin karajaan, raja tilar dunya, sarta sakabéh pangeusi Cempa ngarasa sungkawa.

Panji  Wulung  ngirim  surat  ka  Patih  Sokadana,  ngabéjaan  pupusna raja Cempa sarta manéhna anu dijenengkeun jadi raja. Kacida bungahna Patih Sokadana barang nampa éta béja téh, malah manéhna aya niat rék nganjang ka nagara Cempa bareng jeung istrina katut Tunjungsari. Panji Wulung ogé teu kira-kira bungahna barang ngadéngé éta rencana, Panji Wulung  badami  jeung  pamajikanana  pikeun  sasayagaan  mapagkeun urang Sokadana.

Kacaturkeun di Sokadana, raja nu tos sepuh ngersakeun bubujeng. Di sasaungan raja ngobrol jeung patih nepikeun niatna hayang masrahkeun karajaan Sokadana ka Pamekas. Raja ogé nepikeun rasa kaduhungna geus nibankeun hukuman pati ka Tunjungsari, selirna téa. Teu ku hanteu deuih raja kungsi ningali aya awéwé di Sokadana anu rupana bet sarimbag jeung Tunjungsari.

Ku   Patih   Sokadana   dijelaskeun   yén   saenyana   manéhna   geus ngabohong lantaran teu tulus maténi Tunjungsari. Dicaritakeun ogé talajak praméswari  nu  teu  satia,  nepi  ka  antukna  timbul  niat  dina  pikiranana hayang  ngahukum  praméswari.  Tapi  éta  niatna  téh  dihalang-halang  ku patih.

Béja yén raja bendu téh karaos ku praméswari. Manéhna mapatkeun jampé asihan sangkan raja malik asih, tapi kabéh gé teu matih. Teu lila ti harita Raja ngajenengkeun Nyi Tunjungsari jadi pawarang ngaganti ratu nu ti heula, sarta dibéré jujuluk Sekarkencana. Ahirna Raja Déwakéswari jeung Sekarkancana hirup rukun sauyunan bari kebek ku kabagjaan.

Tapi  raja  jeung  pawarang  téh  teu  weléh  inget  ka  putrana:  Panji Wulung. Raja tuluy ngutus Patih Sokadana jeung istrina pikeun nemonan Panji  Wulung  di  nagara  Cempa.  Kocapkeun  patih  jeung  istrina  balayar ka  Cempa  sarta  sanepina  di  Cempa  dipapagkeun  ku  kabungahan  jeung kahormatan. Patih Sokadana nepikeun surat ti raja anu boga niat hayang ngondang Panji Wulung ka Sokadana. éta pangulem téh diéstokeun pisan ku Panji Wulung.

Kocapkeun Panji Wulung geus sayaga rék miang ka Sokadana bareng jeung  Patih  Sokadana  katut  istrina  nu  rék  marulang  deui  ka  nagarana. Teu kacatur di jalanna Panji Wulung nepi ka Sokadana sarta dipapagkeun ku  kabungahan  jeung  kahormatan  ku  Pamekas.  Sanepina  ka  karaton Panji  Wulung  ditepungkeun  jeung  indung  bapana  anu  kacida  ngarep-ngarepna dina suasana anu matak pikasediheun. Salila di Sokadana Panji Wulung  ogé  nyaksian  dipasrahkeunana  karajaan  Sokadana  ka  Pamékas nu ngaganti raja sepuh. Panji Pamitran, anu masih alona Nyi Tunjungsari dijungjung  lungguh  jadi  patih.  Pésta  diayakeun  kacida  raména  pikeun ngareuah-reuah diangkatna raja anyar.

Panji Wulung ngabingbing Pamekas anu meunang jujuluk Déwabrata ngeunaan  soal-soal  kanagaraan.  Sokadana  beuki  ma’mur.  Raja  sepuh nu  geus  marén  tuluy  ngabagi-bagi  harta  warisan.  Nepi  ka  ahirna  Panji Wulung  kudu  mulang  deui  ka  Cempa.  Sanggeus  amitan  ka  ibu  ramana bari beurat pukah pisah rombongan Panji Wulung mulang deui ka Cempa maké kapal.

Kacaturkeun  di  Cempa.  Barang  ngadéngé  Raja  Cempa  euweuh  di nagarana, Andakasura ngagoda Patih Cempa pikeun ngalawan rajana nu keur euweuh kalawan alesan pinasti para mantri jeung pangagung séjénna di  Cempa  bakal  diganti  ku  bondoroyot  Panji  Wulung  ti  Sokadana.  Tapi Patih teu galideur. Andakasura teu béak akal, barang aya pamajikan patih nganjang ka imahna, digoda deui sangkan carogéna ngabaruntak ka Panji Wulung. Ahirna Patih teu burung kagoda sarta sailon jeung Andakasura

keur  ngalawan  Panji  Wulung.  Ngan  Martadiguna  baé,  ponggawa  anu satia, jeung putrana, Katibaya, nu henteu biluk téh. Duanana diasupkeun ka panjara ku Andakasura.

Pasukan  Cempa  anu  ngabaruntak  ngajugjug  ka  Palabuan  keur mapalangan Panji Wulung. Patih Cempa ngajungjung lungguh dirina jadi Raja  Cempa,  jujulukna  Déwasaksi. Ari  patihna,  Sudirapati.  Sedengkeun Andakasura  jadi  pingpinan  panglima  perang.  Teu  lila  jol  surat  anu ngiberan yén Panji Wulung bakal mulang.

Sanggeus nepi ka basisir, rombongan kapal Panji Wulung diserang ku  témbakan  mariem.  Rombongan  kacida  kagétna  sarta  baralik  deui  ka tengah laut. Teu lila datang Jayaperbangsa, ngalolos ti Cempa sarta bébéja ka Panji Wulung yén Patih geus baruntak. Dicaritakeun ti awal nepi ka ahir kumaha  kajadianana.  Waktu  pasukan  Panji  Wulung  rék  malik  nyerang, datang balabantuan ti raja Gilingwesi. Der perang campuh di laut jeung di basisir, nepi ka ahirna pasukan Panji Wulung nu dibantuan ku pasukan ti Gilingwesi hasil numpes babaruntakan di Cempa. Tapi patih nu baruntak jeung Andakasura ngalolos.

Ratu Cempa, Andayaningrat, kacida sedihna nguping éta kajadian. Sabada  nepi  ka  daratan,  ratu  bendu  ka  para  ponggawa  Cempa  nu  teu saratia sarta ngabaruntak ka rajana. Raja Gilingwesi ogé teu kurang-kurang murkana.  Niatna  ponggawa  nu  milu  baruntak  téh  kudu  dihukum  pati. Tapi éta niat téh dipapalangan ku Panji Wulung, sarta mantri-ponggawa nu baruntak téh dibéré pangampura.Rombongan   raja   Panji   Wulung   mulang   deui   ka   karaton,   tapi kaayaan  geus  burakrakan.  Kabéh  diranjah  ku  Patih,  kari  emas  inten  nu disumputkeun.  Raja  Gilingwesi  teu  dihaturan  mulang  deui,  tapi  sina tetep heula di Cempa. Raja tuluy ngangkat patih anyar, nyatana Urawan, keur ngaganti patih ti heula nu ngaraman. Jujulukna Surengjurit.

Sabada sabulan aya di Cempa, Raja Gilingwesi nu ayeuna dijungjung lungguh jadi Patih di Cempa amitan. Ku Panji Wulung dijamu heula ku pésta,  sarta  Raja  Gilingwesi  dipaparinan  rupa-rupa  hadiah,  minangka males budi keur jasa-jasana.Patih  Cempa  nu  baruntak  jeung  Andakasura  hirup  sangsara  di leuweung. Patih ngarumasakeun salah geus kagoda pikeun ngalawan raja, sarta nyimpen katugenah ka pamajikanana jeung ka Andakasura. Teu ku hanteu hiji poé maranéhna katéwak ku urang lembur sarta dijagragkeun ka  karaton.  Patih  anyar  nyérénkeun  éta  karaman  sangkan  ditibanan hukuman ku Panji Wulung. Raja jeung ratu maréntahkeun sangkan patih nu baruntak jeung Andakasura dibawa ka pangadilan.

Patih  mah  dibéré  tobat,  tapi  Andakasura  ditibanan  hukuman  pati. Andakasura  beungeutna  ditutupan  ku  kaén  bodas,  tuluy  digantung.  Ti harita Nagri Cempa beuki ma’mur loh jinawi.
Komentar
Close Comments