Monday, August 3, 2020

Sajak

Sajak
Kang Aris
Monday, August 3, 2020

Sajak


Ari sajak téh salah sahiji hasil karya sastra wangun puisi. Sakumaha wangun karya sastra séjénna, sajak ogé kaasup wangun sastra anu imajinatif. Basa nu dipaké dina
sajak umumna padet jeung singget tur sifatna konotatif, sabab ngandung harti injeuman (ma’na kiasan). Eusi sajak ngagambarkeun ébréhan (ekspresi) tina rupa-rupa kajadian
anu kaalaman, karasa, katempo, atawa kabandungan ku pangarang.

Sajak nu ditulis ku saurang pangarang bisa jadi eusina ngagambarkeun pangalaman nu sarua jeung urang. Kusabab kitu, upama urang loba maca atawa neuleuman eusi sajak tangtu bakal leuwih loba pangalaman jeung pangaweruh, kayaning kabeungharan kecap jeung rupa-rupa informasi nu ditulis atawa diéksprésikeun ku panyajak.

A. Nyangkem Eusi Sajak

Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan.

eusi nu aya dina éta sajak.
(1) Eusi éta sajak ngagambarkeun kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan. Kecap Priangan dipaké judul dina éta sajak;
(2) Éndahna alam tatar Sunda ku panyajak diibaratkeun mojang lenjang nu pakulitanana hideung santen (padalisan kahiji);
(3) Alam nu aya di tatar Sunda unggal poé dicaangan srangéngé atawa panonpoé (padalisan kadua);
(4) Lamun peuting éta sakuliah tatar Sunda dicaangan ku sorot bulan (padalisan katilu);
(5) Saking mikacintana alam Priangan, panyajak nepi ka nyebut jungjunan, nya éta sesebutan keur ka saurang jalma nu dipikacinta atawa kabogoh (padalisan kaopat).
(6) Saupama éta panyajak puput umur atawa maot (padalisan kalima), hayang dikurebkeun atawa
dikuburkeun di pangkonan atawa tanah Priangan (padalisan kagenep)
Close Comments