Tuesday, August 18, 2020

Medar Carita Pantun

Medar Carita Pantun
Kang Aris
Tuesday, August 18, 2020

Medar Carita Pantun


Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan.
Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan.
Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.
Upama nilik kana eusina, carita pantun téh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyaéta ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa néangan pijodoeun. Ari pola jalan carita pantun umumna téh kieu:
Satria ngalalana, upamana baé lantaran néangan putri pipraméswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria Pajajaran téh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.
Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaéta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nyaéta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina niténan ruruntuyan kajadian dina unggal épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul.
Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu réa. Contona: pantun Ciung Wanara,  utung Kasarung, jeung Mundinglaya di Kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay téh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran)
Upama nilik kana wangunna, carita pantun téh mangrupa wangun ugeran (puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/ pamunah.

1. Rajah
Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun.
Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.
Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung béda-bédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana béda, upama  ilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu béda.
Conto rajah pamuka dina carita pantun Lutung Kasarung:
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka déwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rék diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,

2. Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé.

3. Déskripsi
Bagian déskripsi nyaéta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti éta, bagian déskripsi téh ngagambarkeun ogé pangrasa haté
saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian déskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut ogé papantunan. Kaasup bagian nu pikaresepeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.

4. Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyaéta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog téh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

5. Monolog
Monolog téh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté.

6. Rajah Panutup
Contona
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur
Lalakon dilalakonkeun
Close Comments