Sunday, July 26, 2020

Struktur Jeung Padika Biantara

Struktur Jeung Padika Biantara
Kang Aris
Sunday, July 26, 2020

Struktur Jeung Padika Biantara


Struktur Padika Biantara

Biantara  téh  umumna  mah  diomongkeun  (dilisan-keun).  Tapi  aya  ogé  anu  ditulis  tuluy  dibacakeun.  Boh anu  ditulis  boh  anu  dilisankeun,  runtuyan  babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. Contona :


Padika Biantara

Aya  sawatara  faktor  anu  ngalantarankeun  biantara hiji  jalma  dipikaresep  ku  balaréa. éta  faktor  téh  urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:

Tatag nyaritana

Hartina  dina  nepikeun  biantara  téh  urang  kudu nyarita  bari  tatag  atawa  tétéla,  henteu  kararagok atawa loba ngarandeg.

Aktual témana

Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.

Munel eusina

Hartina,   biantara   nu   ditepikeun   ku   urang   téh   eusina   loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.

Alus basana

Biantara  téh  seni  nyarita.  Ku  sabab  kitu,  basa  nu  dipaké  ku  urang dina   biantara   téh   alusna   mah   direumbeuy   ku   mamanis   basa. Upamana  diselapan  ku  babasan  jeung  paribasa,  atawa  bisa  ogé  ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.

Ngandung wirahma 

Hartina,  dina  biantara  téh  omongan  urang  kudu  diatur  gancang kendorna,  tarik  halonna,  atawa  luhur  handapna.  Tegesna,  dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.
Komentar
Close Comments